BIANTARA SUNDA
Assalamu’alaikum WR.WB
Puji sinareng sukur ka Allah
illahi robbi . Alhamdulillah, Laillahaillallah subhanallah dina danget ieu
urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni acara payuray tineung.
Wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar
salami tilu tau.
Bapak kalih ibu,
Hadirin hormateun sim kuring mungguh ari waktu asa nyeak pisan
sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu
sakola. Ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca, kedah miang deui
neruskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu
taun di ajar di ieu sakola SMA 1 Palabuan ratu, seeur pisan anu bakal janten
panimeungeun. Di dieu di sakola urang nu genah pikabeutaheun , sim kuring
saparakanca. Diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh di rupi-rupi
kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan . tangtos
bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal ka hilap-hilapkeun. Atuh
kasaean Bapa kalih ibu guru sadaya, elmu pangweruhna anu di dugikeun ka sim
kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angeun janten obor nu nyaangan
jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten manpaat kanggo abdi
saparakanca.
Saparakanca. Saterasna,
pirang-pirang kasaean Bapak kalih ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males
eta kasaean mung tiasa ngedalkeun du’a , pamugi rupi-rupi elmu sinareng katiasa
anu parantos di paparinkeun, kenging ganjaran anu mang tikel-tikel ti Gusti
ALLAH alla wa zalla. Amin
Bapa kalih ibu guru,
salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan
kalepatan seeur pisan sikap sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten
ngajahetkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu,ngawakilan rerencangan sadayana.
Dina dangeut ieu sim kuring neda hapunten. Pamungkas, neda pi du’a ti sadayana
pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul
elmu
Bapa sinareng ibu,
Rupina sakitu bae anu kapihatur ti sim kuring. Bilih aya basa anu kirang
merenah, kecap anu kirang larap, bilih aya kalimah anu teu raos kana manah,
neda dihapunten
Wabilllahi taufik wal hidayah Wasssalamu’alaikum warah matullahi
wabarakatuh
Tidak ada komentar:
Posting Komentar